Riwayat Singkat Dukuh Maja
Desa Dukuh Maja teh hasil
pamekaran ti desa Luragung Landeuh. Persiapan jantenna Dukuh Maja teh taun
1983, tapi definitifna atawa jantenna Dukuh Maja teh nya eta tanggal 29 Oktober
1984. Sejarah desa Dukuh Maja hampir sami sareng desa Luragung Landeuh kumargi
desa Dukuh Maja hasil pamekaran ti desa Luragung Landeuh.
Di desa Dukuh Maja aya
salah saiji ritual anu kedah dilaksanakeun nyaeta ritual anu namina Nyuguh. Ritual ieu dilaksanakeun di
tempat anu namina Ci Rendeu, hal ieu
saluyu pituduh ti Dinas Pariwisata ( DIPARSA ) Kab. Kuningan, soal nyuguh teh
perlu dipertahankeun sareng kedah dilaksanakeun tiap taun. Kumargi di Ci
Reundeu aya salah saiji makam nyaeta makam Ratu Galuh Pakuan, jadi hal ieu saluyu sareng
musyawarah antara aparat desa, BPD, LPM sareng tokoh masyarakat nyatujuan
masalah ritual tadi nyaeta ku ayana nyuguh.
Pertama Kepala desa atawa
kuwu Dukuh Maja ti kawit taun 1984
dijabat ku Bapa Astra Kabul anu lami masa jabatanna nyaeta sataun, teras kuwu
anu ka dua nyaeta Bapa Warman anu ngajabat janten Kepala Desa salami tilu periode
lamina ti taun 1985-2011.
Tikawit desa Dukuhmaja ngadeg nembe
tilu kuwu anu parantos nababak iyeu desa anu ayeuna parantos makmur diantawisna
nyaeta:
Ø Nami-Nami kepala Desa Dukuhmaja
1. Bapa Astra Kabul (jabatanna: 1 tahun)
2. Bapa Warman (jabatanna: 3 periode atanapi 24 tahun)
3. Bapa Taswin (anu ayeuna ngajabat tikawit 2011)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar