Jumat, 06 Desember 2013

Riwayat Singkat Dukuh Maja
Desa Dukuh Maja teh hasil pamekaran ti desa Luragung Landeuh. Persiapan jantenna Dukuh Maja teh taun 1983, tapi definitifna atawa jantenna Dukuh Maja teh nya eta tanggal 29 Oktober 1984. Sejarah desa Dukuh Maja hampir sami sareng desa Luragung Landeuh kumargi desa Dukuh Maja hasil pamekaran ti desa Luragung Landeuh.
Di desa Dukuh Maja aya salah saiji ritual anu kedah dilaksanakeun nyaeta ritual anu namina Nyuguh. Ritual ieu dilaksanakeun di tempat anu namina Ci Rendeu, hal ieu saluyu pituduh ti Dinas Pariwisata ( DIPARSA ) Kab. Kuningan, soal nyuguh teh perlu dipertahankeun sareng kedah dilaksanakeun tiap taun. Kumargi di Ci Reundeu aya salah saiji makam nyaeta makam  Ratu Galuh Pakuan, jadi hal ieu saluyu sareng musyawarah antara aparat desa, BPD, LPM sareng tokoh masyarakat nyatujuan masalah ritual tadi nyaeta ku ayana nyuguh.
Pertama Kepala desa atawa kuwu  Dukuh Maja ti kawit taun 1984 dijabat ku Bapa Astra Kabul anu lami masa jabatanna nyaeta sataun, teras kuwu anu ka dua nyaeta Bapa Warman anu ngajabat janten Kepala Desa salami tilu periode lamina ti taun 1985-2011.
Tikawit desa Dukuhmaja ngadeg nembe tilu kuwu anu parantos nababak iyeu desa anu ayeuna parantos makmur diantawisna nyaeta:
Ø Nami-Nami kepala Desa Dukuhmaja
1.     Bapa Astra Kabul          (jabatanna: 1 tahun)
2.     Bapa Warman               (jabatanna: 3 periode atanapi 24 tahun)
3.     Bapa Taswin                  (anu ayeuna ngajabat tikawit 2011)